Baca
ieu pedaran di handap kalawan bedas sarta titenan tanda bacana deuih!
ADAT ISTIADAT DINA NGALAMAR
Prah di
mana-mana, atawa biasa kapanggih. Kaasup di luar nagri. Samèmèh lalaki jeung
awèwè resmi dikawinkeun, sok dimimitian heula ku acara ngalamar. Ngan carana
anu teu sarua atawa bèda-bèda tèh. Cara ngalamar urang Amèrika, pasti bèda
jeung urang Indonèsia. Nya kitu deui antara urang Jawa Tengah atawa jawa Timur
jeung urang Sunda.
Urang Sunda ogè gumantung kana waktu jeung tempatna. Cara
ngalamar jaman baheula jeung ayeuna, pasti henteu sarua. Nya kitu deui cara
ngalamar urang Cianjur jeung urang Banten, èta ogè moal sarua deuih.
Ngalamar jaman ayeuna leuwih gampang jeung sederhana.
Bèda jeung jaman baheula, loba pisan cara jeung aturanana.
Jaman baheula mah antara si lalaki nu rèk ngalamar, jeung
si awèwè nu rèk dilamar tèh, tacan tangtu wawuh. Ari ayeuna mah apan, umumna
lain baè geus wawuh, tapi geus jadi bèbènè (kabogoh). Jadi nu disebut ngalamar
tèh, ukur formalitas atawa nanya resmi, siap henteuna si awèwè diajak kawin.
Atuh jawabanana ogè, moal aya basa nolak. Langsung
satuju, malah sakalian nangtukeun waktuna. Ari sababna lian ti geus pada wawuh,
biasana sarua bogohna.
Tah, ngalamar jaman baheula mah can tangtu kitu. Teu
unggal ngalamar pasti ditarima. Bisa waè si awèwèna nolak, boh lantaran teu
bogoh, boh lantaran geus kapiheulaan ku nu sèjen. Ngan dina nolakna tara togmol
nyebut embung. Upamana langsung ngajawab, “punten pun anakna henteu bogoheun”
Atawa, “Punten parantos aya nu gaduh”
Tapi ngusahakeun sangkan dina nolakna, henteu matak nyerieun
hatè pihak anu ditolak. Contona, “Nya èta pun anak tèh, teu acan aya niat
rarabi. Ma’lum masih kènèh bau jaringao.” Padahal nempo ukurna, geus meujeuhna
dikawinkeun. Ngan ku sabab awèwèna teu bogoh atawa kolotna teu satuju,
lamaranana kapaksa ditolak.
Lamun hayang leuwih jèntè awèwèna teu bogoheun, carana
nolak bisa ku cara mapandèkeun kana manuk. Biasana manuk titiran. “ Nya èta
gaduh manuk tèh titiran emas, sakurungna kedah sareng titiran emas deui.”
Maksudna anak kuring tèh teu bogoheun. Bisa jadi lantaran anu ngalamarna kurang
kasèp.
Baeula mah sual jodo tek kacida apikna. Mèmèh ngalamar
jeung narima lamaran, kudu puguh heula, anak saha, beunghar atawa henteu. Boga
pangkat atawa ukur jelema biasa. Tegesna, ditaliti heula kaayaan kulawargana,
bisi henteu sarua atawa henteu saimbang.
Ari sababna harita mah, anak mènak kudu jeung anak mènak
deui. Nu beunghar kudu jeung nu beunghar deui. Utamana lamun tacan wawuh.
Di Cianjur baheula, aya kabiasaan kieu: titahan si
lalaki, naghaja nyèmah ka kulawarga awèwè. Sanggeus disuguhan, si pribumi sok
buru-buru nanya:
“ geuning aya
pikersaeun naon, asa rareuwas teuing?” cèk pribumi.
“Nya èta gaduh manuk,
mung teu acan gaduh kurungna,”
“kagungan manuk naon
kitu?”
“Titiran emas”
“Euleuh atuh kurungna
gè kedah kurung saè. Kaleresan gaduh hiji, hèg terus acan aya manukan.”
Tina obrolan di luhur, kanyahoan wèh, boh lalakina, boh
awèwèn, sarua turunan mènak. Bèda deui upama si sèmah nyebutkeun manuk piit
atawa ukur cangkurileung. Nya kitu deui upama pribumi ukur nyebutkeun, aya ogè
kurung biasa, hartina turunan jelema
bisa.
Cara sèjènna dina nyuguhan. Upama pribumi hayang
nèmbongkeun, yèn manèhna kulawarga mènak, wadah susuguhna sok ngagunakeun bahan
poslèn. Utamana pisin jeung cangkirna. Engkè samèmèh ki Sèmah ngasaan susuguh
pribumi, sok nanya kieu:
“Euleuh ieu cacangkir
aya ku saè, moal lepat deui bahanna tina poslèn,”maksudna nanyakeun naha enya
pribumi tèh kulawarga mènak?
“Leres poslèn asli
wedalan Cina,” maksadna, bener malah mènak bolongkotan. Lain ngan ukur tuturunan,
atawa boga gelar radèn pamèrè, pèdah aki-buyutna kungsi digawè di karaton.
Dijawab deui ku ki semah, “Kaleresan, di rormpok ogè
gaduh, heug mani sami pisan,” maksudna, sarua manèhna ogè kulawarga mènak asli.
Anu dicaritakeun di luhur, kakara ngalamar tahapan
kahiji. Upama kira-kira sarua satuju, isuk pagèto bakal datang deui, resmi
ngalamar. Tahapan nepi ka dinya disebutna neundeun omong. Duanana kakara
satuju. Tapi, boh pihak awèwè, boh pihak lalaki, acan katalian ku jangji
nanaon. Ku kituna meunang masing rèk ngabatalkeun ogè.
Naon sababna disebut neundeun omong? Sabab pihak lalaki
tacan mèrè nanaon. Mun barangbeuli tèa mah, acan mèrè tanda pangjadi.
(Dicutat
tina buku ajar Pamager Basa)
B.
NGALAMAR
Sanggeus
pihak lalaki jeung pihak awèwè satuju, tina neundeun omong naèk kana tahapan
kadua, resmi ngalamar. Dina ngalamar resmi mah, wakil pihak lalaki tèh datangna
henteu nyorangan. Tapi dibarengan ku rombongan, biasana lalaki jeung awèwè,
sarta henteu lèngoh..
Kabèh babawaan anu ngkèna bakal
dipasrahkeun ka pihak awèwè minangka
tanda jadi, disebutna panyangcang. Loba seutikna babawaan, nandakeun
harkat anu ngalamar jeung nu dilamar.
Prak-prakna
Ngalamar Jaman Baheula Nu Kacatet dina Novel BKN
Barang kira-kira pukul 8, leugeudeut
aya anu ngaleut; pangheulana mawa lampu, dtèma ku Ibu Haji Banisah,beunang ku
dikukudung ku sal, sepuh kamashur purah dipiwarang ngalamar, tina percèka, tatag jeung bèrès ana
nyarita. Pandeurina Ibu Haji, ngaleut awèwè garinding, siga nu rèk ngadukeun
kageulisan. Tingkaloprak sora selopna, tingkedepruk sora sampingna, meleber
seungit minyakna. Sawarèh aya nu nanggung baki, dituruban ku rènda jeung
mendepun. Sapandeurieun awèwè, ngabrul lalaki, aya kana sapuluh urangna.
Eta abrulan kabèh asup ka bumina
Tuan Haji Abdul Raup. Nu kagungan bumi, istri pameget, mapageun ka panto, tuluy
tatamu dicalikkeun, ngabèrès istri padaistri, pameget padapameget. Baki-baki
diasorkeun ka payuneun Tuan Haji jeung Nyi Haji.
Sanggeus reureuh palay, pok Ibu Haji
Banisa sasauran, “Tuan Haji kuring tèh pang dongkap ka dieu, dijurung ku tuang
raka, Tuan aji Samsudin, ngahaturkeun ieu kagegelan,
tawis ngiring bingah rèhing bade nepangkeun tuang putra tèa, Ujang Kusèn ka Nyi
Rapiah. Ieu nu sabaki RP 250,-keur mayar maskawina, ari ieu nu sabaki Rp 150,-
ngiring hajat. Jabi ti èta ieu opat baki panganggo keur putra, Nyi Rapiah.
Sareng aya ogè sipat emas inten sagedè beunyeur tamba pamali, èstu lumayan
pisan”
Walon Haji Abdul Raup, “Beu, atuh
èta mah lumayan!Ari satadina maksud kuring motong popoharaan kitu, da lain
jeung deungeun-deungeun, urang sederhana baè. Ceuk kolot mah entong ngadukeun
kabeungharan. Ari kang Haji bet ngajak saenyana.”
Cèk Haji Banisah, “Ih sanes kitu èta
maha awahing ku beak karep nya kadoa baè, nawiskeun suka ati”
Cèk Nyi Haji Abdul Raup, “Nuhun
aceuk, nujun Kang Haji aya manah asih ka pun anak; mugi-mugi waè masing lulus
munglus, kolot-kolot masing ngeuna nènjo, ngeunah ngadèngè.”
“Walon Haji Banisah, “Sumuhun, Nyai
Haji ku Aceuk dido’akeun masing runtut-raut, hèjo-lèmbok, panjang carita, jauh
balai parek-rezeki, reuay putra. Iraha mangsana anu bade dipimanah tèh?
Dijawab ku Haji Abdul Raup, “Manawi
karempagan urang tanggal 17 baè sasih payun, margi saperkawis kuring tacan
sayagi, kadua ngeunahna di dinya, kènging tataros ka Kiai Bojong.”
Cèk Haji Banisah, “Yaktos raos di
dinya tèh. Mangga urang carioskeun ka tuang raka; èmutan kuring moal datang ka
teu cocog.”
Ti dinya der ngaraleut. Sanggeus
bèrès, tatamu amitan mulang. Acara ngalamar rèngsè, tinggal nungguan waktuna
dikawinkeun.
C.
RUPA-RUPA
ADAT ISTIADAT SUNDA
Adat
istiadat tèh nya èta tata-cara atawa kabiasaan sapopoè hiji masarakat. Upama
urang Sunda, kabiasaan sapopoè masarakat Sunda. Keur nambah-nambah kanyao
hidep, ieu di handap aya sababaraha rupa adat-istiadat Sunda jaman baheula:
1.
Babarit
Nya èta hajat nyalametkeun (salametan)
lebur. Carana, salembur nyangu kawas rèk lebaran. Diantarana nyieun tumpeng
jeung rupa-rupa bubur ketan. Dipingpin ku kokolot lembur, ngariung di hiji
tempat, atawa ngajajar sisi jalan dèa. Sanggeus kokolot lembur ngeungeut
menyan, terus mènta-mènta ka karuhun, supaya lembur reujeung pangeusina dijaga
tina rupa-rupa misibat. Cara saterusna daar balakecrakan
2.
Ngaliwon Orok
Waktuna unggal jumaah kaliwon. Orok umur
bubulnan atawa mimingguan tèh, isuk-isuk dibawa ku paraji atawa dukun. Tuluy
dimandian cai kembang tujuh rupa. Biasana sakalian dicekok, diinuman peresan
konèng meunang marud. Berès dimandian tuluy dijampean. Maksudna, supaya ulah
babari katerap panyakit.
3.
Tujuh Bulanan
Nya èta salametan nu kakandungan tujuh
bulan. Biasana nu keur kakandungan dimandian cai tujuh rupa. Lian ti eta sok
nyieun rurujakan, rujak bebek. Rujakna tuluy dijual, ari duit jang pameulina ku
talawèngkar (sesemplèkan kentèng atawa gagarabah). Engkèna duduitan lading
rujak ku nu kakandungan dipiceun ka parapatan jalan. Cenah, lamun rujakna lada,
anakna pasti lalaki. Upama semu amis, awewè.
Lian ngarujak bebek, bapana orok nu
dikandung ngagambaran dawegan kalapa konèng, make peso mèncos atawa paku.
Biasana gambar wayang Arjuna atawa Subadra. Kudu dawegan konèng, supaya kulit
anakna engke koneng.
Dawegan dibeulah dua ku bapana orok nu
dikandung. Upama beulahna sarua, pasti anakna kasèp atawa geulis. Munlalaki
kembaran Arjuna, upama awèwè kembaran subadra.
4.
Meuncit Sato Bèla
Naon baè satona mah, rèk hayam jago,
domba jalu, atawa munding jalu. Tapi, biasana mah mun lain hayam, paling domba
atawa embè. Sato nu dipakè, dipeuncit bareng jeung nyunatan budak. Budak
sempring disunatan, sato nu dipakè bèla gèrèsèl dipeuncit. Tujuana sangkan
budak nu disunatan henteu ngarasa nyeri. Cenah, lantaran rasa nyerina
dipindahkeun ka sato nu dipakè bèla tèa.
5.
Hajat laut
Urang basisir kidul, umumna percaya, yèl
laut tèh aya nu ngarajaan, nya èta Nyi Roro Kidul. Ku kituna hasil-henteuna maranèhna
ngala lauk, kumaha ceuk Nyi Roro Kidul. Supaya Nyi Ratu bageur, saban taun,
unggal tempat waktuna bèda-bèda, biasana mangsana gegedèna ombak, sok diayakeun
hajat laut.
Anu dihajatkeunana, lian ti tumpeng
salengkepna, sok ditambahan ku hulu munding. Cara nyanggakeunana ka Nyi Ratu,
ku jalan dipalidkeun ka tengah laut. Bareng jeung hajat laut, sok aya raramèan,
biasana sok nanggap wayang atawa ronggèng.
6.
Ngaruat
Tujuanana sarua jeung babarit, mènta
kasalametan ka karuhun jeung nu ngageugeuh lembur, dayeuh, atawa nagara. Bèdana
tèh nu diruatna bisa lembur, nagara, bisa wangunan anyar, imah, kantor, pabrik,
bisa ogè jelema (budak). Upama budak, budak lalaki kapiheuleutan (panengah).
Lanceuk jeung adina awèwè.
Diruat
ku cara nanggap wayang, disebutna ngawayang ngaruat. Biasana ngondang dalang
kolot ahlina. Lalakonna teu meunang nu sèjèn kudu lalakon “Batara Kala”. Salila
pagelaran wayang can tamat, nu lalajo teu meunang balik. Sing saha nu wani
balik, bakal jadi mangsa Batara Kala. Batara Kala tèh hiji buta (raksasa),
kabeukina daging jeung getih jelema.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar